Ziarah Panjang Menembus Rimba Dunia Mengeluarkan Keringat, Air Mata dan Darah". Disitulah perwujudan kreasi kebudayaan dan pradaban yang berpapasan dengan Tuhan yang abadi.

Sabtu, 09 Maret 2013

DU'A PEPERENIAN

Nun Gusti Nu Maha Asih. Nugrahakeun ka abdi sadaya sakumaha sumber Sakumaha sumber daya tina peperenian kamukte Gusti nu tan wates wangen.

Nu dilangit, kucurkeun
Nu dibumi, burialkeun
Nu dilaut, burialken
Nu di gunung, gulutukeun
Nu dipasir, gulitikeun
Nu di waluangan, sangutkeun
Nu di leuwi, giriwilkeu
Nu di situ, ranghapkeun
Nu  tebih, cakeutkeun
Nu lami keneh, enggalkeun
Nu nyumput, gorehelkeun
Nu nutup, bukakeun
Nu kucup, mekarkeun
Nu saeutik, Seueurkeun
Nu pegat-pegat, panyeungkeun
Nu hese beleke, gampilkeun
Nu sesek, longgarkeun
Nu eungap, longsongkeun
Nu kusut, udarkeun
Nu rudet, janglarkeun
Nu sulit, babarikeun
Nu tiis, hanetkeun
Nu panas, hiliwirkeun 
Nu atah, asakan
Nu asak, ambucuykeun 
Nu Pait, Amiskeun
Nu haseum, gaharkeun
Nu peuheur, segerkeun
Nu keutar, pelemkeun
Nu beku, peuraykeun
Nu encer, Kentelkeun
Nu Bear, puleunkeun
Nu hambar, ptrikeun
Nu cawerang, lekohkeun
Nu ranyed, keukerkeun
Nu ayud, peperkeun
Nu poek, gebyarkeun
Nu caang, gumiwangkeun
Nu bau, seungitkeun
Nu seungit, dalingdingkeun
Nu keri, suburkeun
Nu kore, bongsorkeu
Nu kuru, rangkidakkeun
Nu angar, riduhkeun
Nu heuret, rubakeun
Nu heurin, legakeun
Nu rupek, jembarkeun
Nu papisah, Hijikeun
Nu paburisat, kempelkeun
Nu pabureuncay, gundukeun
Nu doyong ,ajegkeun
Nu bengkok, lempengkeun
Nu penjol, buledkeun
Nu ipis , kandeulkeun
Nu mintul, seukeutkeun
Nu buruk , Weutehkeun
Nu rumeuk, bengraskeun
Nu busik , luiskeun
Nu gurawes , ratakeun
Nu nanjak mudun , ratakeun
Nu alit, campernikeun
Nu badag ,rohakakeun
Nu awon , saekeun
Nu lepat ,leureskeun
Nu bodo ,pinteurkeun
Nu boloho , surtikeun
Nu belegug, calakankeun
Nu cadel, benteskeun
Nu balelol, capetangkeun
Nu dusun sonagarkeun
Nu ririwit,walagrikeun
Nu jag-jag,waringkaskeun
Nu borangan , Ludeungankeun
Nu baluas , regregkeun
Nu hariwang ,tenangkeun
Nu guligah , tengtremkeun
Nu galideur, tetegkeun
Nu ngompod ,wanikeun
Nu marungkawut,berageun
Nu kotor, sucikeun
Nu bersih , setrakeun
Nu jahat, bageurkeun
Nu dolim , adilkeun
Nu aral ,sabarkeun
Nu barangasan , sarehkeun
Nu gurunggusuh , rintihkeun
Nu wangkeulang, Janglarkeun
Nu sombong ,poyongkodkeun
Nu buraong,someahkeun
Nu sangar,marahmaikeun
Nu kadedemes ,konaahkeun
Nu awuntah,rikirgemikeun
Nu kejot borosot, antarekeun
Nu rumegag,antebkeun
Nu kedul, daekankeun
Nu sesah Bingahkeun
Nu cemberut,serengehkeun
Nu kufur imankeun
Nu iman,takwakeun
Nu kakaliceusan , geudurkeun

Gedur sumanget  Ngarobah nasib. Sangkan ayeuna leuwih alus ti kamari.Isukan caang padang narawangan.
Ki Sunda-Muslim jadi pangirutan, tata tengtrem karta raharja. Bumetah di pangkonan Allah.
Cag tendeun di handeuleum sieum batin nu wening, tunda di hanjuang siangna manah nu setra. Guar ungkabeun nu nyaring piker, anu weuruh di semuna, anu rancage na hate.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Perkambangan Seni Budaya Dalam Blog Lain